Contoh Biantara Bahasa Sunda - Kirius Ilmu

Contoh Biantara Bahasa Sunda

Contoh Biantara Bahasa Sunda

HP Tiasa Janten Naon Wae

Assalamualaikum wr.wb 

Alhamdulillahirobbil’alamin Washolatu wassalamu’ala asrafil anbiyai wal mursalin, waala alihi washobihi ajmain 

Langkung tipayun, hayu urang sami-sami sanggakeun puja sareng puji ka gusti nu maha suci, gusti Allah Swt. Sabab anjeunna urang sadayana tiasa kumpul riung di ieu kelas sabab anjeunna oge abdi tiasa aya dipuyun rerencangan ayeuna. Henteu hilap sholawat sinareng salam urang limpah curahkeun ka nabi urang sadayana, Nabi Muhammad SAW. 

Bapa Guru anu ku simkuring dipikahormat rerencangan kelas anu kusimkuring dipikacinta.
Sapertos anu aranjeun terang, HP teh zaman kiwari mah atos janten bagean tina kahirupan manusa. Seer anu ngamangfaatkeun eta HP dina kaalusan, oge aya anu ngamangfaatkeun eta hp dina kagorengan. Contona Sabab HP seer anu kacanduan Game, sabab ayana HP seer barudak anu hese di ajar, komo aya anu diurus ku polisi sabab ayana HP. Sabab anu katingalna goreng, eta kaayaan HP teh janten masalah. 

Seleresna lamun ditilik deui eta HP teh kaos peso, seket tapi tiasa dianggo masak. Leuwih ti eta, hp teh tiasa janten naon wae, termasuk janten peso anu seket, tapi eta hp oge tiasa janten buku, tiasa jenten peta, tiasa jenten lampu, tiasa jenten naon wae anu ngabantosan tina rupi-rupi kagiatan urang sadayana. Lamun urang aya ti pedalaman aya maps, lamun urang aya masalah aya google, oge lamun aranjeun diputuskeun ku kabogoh aya musik. 

Komo zaman kiwari eta hp tiasa janten asisten pribadi arurang, anu salawasna ngabarengan sareng ngabantos urang sadaya tina sagala rupi kagiatan. Sanes kanggo maen nonton youtube hungkul sanes kanggo maen game hungkul. 

Hadirin anu kusimkuring dipikahormat. 

Janten kaayaan Hp teh tergantung anu nganggona. Lamun eta hp dicepeng ku anu baleg nya bakal baleg. Tapi lamun eta hp di cepang kunu teu baleg, nya moal baleg. Mugi-mugi biantara anu kusimkuring dugikeun henteu nyakitkeun hate, tapi malah masihan saran kanggo kaayaan hp nu lewih mangfaat. Maen game mangga, nonton youtube mangga, tapi tinggal oge mangfaat anu lainna. 

Hatur nuhun. 

Wasalammualaikum wr.wb
Please write your comments