Contoh Laporan Kagiatan Bahasa Sunda - Kaulinan - Kirius Ilmu

Contoh Laporan Kagiatan Bahasa Sunda - Kaulinan

Contoh Laporan Kagiatan Bahasa Sunda - Kaulinan

Follow Ig : @Kirius_Sirius

BUBUKA

Sapertos nu dipika nyaho, permainan tradisional teh mangrupakeun hiji kaulinan anu seer pisan mangfaatna tibatan jeung kaulinan barudak jaman kiwari. Anehna, eta permainan tradisional teh tos jarang dipaenkeun ku barudak jaman kiwari, di kampong-kampung oge tos jarang ningalan ayana barudak anu maenkeun eta kaulinan tradisional teh. Anu babari oge, anu gratis teu merluken bahan anu loba, nyaeta Ucing Udag sareng Boy-Boyan oge tos jarang aya anu maenkeun, padahal lamun ditilik dina mangfaatna eta permainan seer pisan mangfaatna.
Sabab hal eta, abdi sareng rerencangan teh ngalaksanakeun kaulinan eta, sangkan leuwih nyaho mangfaat dina eta 2 ka ulinan teh

WAKTOS JEUNG TEMPAT

Septu, Tempatna Di Lapang Yonif 303, Cibuluh

PAMILON

Jalma Anu Ngalaksanakeun Kagiatan
  • Kaulinan Ka Hji dilakasnakeun ku barudak SD Sukawargi 1 kelompok
    • Pameget
    • Istri
  • Kaulinan ka Dua dilaksanakeun ku Barudak SD Sukatani 9 Jalmi
  • Kaulinan ka tilu dilaksanakeunna ku barudak Pramuka 3 Jalmi

WARAGAD (BIAYA)

Jumlah Anggota : 6 Jalma
Iuran : Tiap Jalmi Rp.4.000.00-
Jumlah Dana : Rp.25.000
Digunakeun Kanggo
  1. Ngajajanan = Rp. 20.000
  2. Print Dan Jilid = Rp.10.000.00-
  3. Barang Kanggo Kaulinan = Gratis

KAGIATAN JEUNG HASILNA

Kulinan anu dipraktekeun teh nyaeta Boy-Boyan, Ucing Udag, sareng Lompat Awi.

Boy-Boyan

Boy-Boyan tèh mangrupakeun hiji kaulinan anu meanna teh ku 2 kelompok, kelompok ka hiji kudu mereskeun kenteng.

Kagiatan

  • Dina aturan anu biasana, mimitian barudak teh kedahnamah hompimpa (gambreng) heula. Eta ambeh tangtu kelompokna. Tapi, sabab tos tangtu kelompokna, nyaeta kelompok pameget sareng kelompok istri janten dina kagiatan ieu aturan eta di liwat.
  • Sareng deuih, biasanamah kaulinan eta teh nganggo kenteng, tapi sabab teu aya, janten eta kagiatan teh nganggo sapatu anu janten gaganti kentengna.
  • Atos tangtu kelompokna, kagiatan eta diteraskeun ku suten sangkan tangtu anu ngajaga atanapi anu mereskeun. Anu eleh suten anu ngajaga nyaeta istri.
  • Mimiti anu ngajaga teh nyaeta istri heula. Dina permaianan ka hiji eta, kelompok lalaki teh benang sadayana. Janten kedudukan 1 : 0 kanggo istri.
  • Maenkeun 4 kali, akhirna eta kaulinan teh dimenangkeun ku kelompok istri, nyaeta 3 kali menang sakali eleh.
  • Dina eta kaulinan, aya rupi-rupi anu janten hiburan, semisalna teh tos mereskeun sapatu tapi ngagubrag deui, teras deui aya anu licik lumpat bari nyandak balna, sareang rupi-rupi deui anu jenten kalucuan.
Ucing Udag

Ucing-ucingan atawa ucing udag the nyaeta hiji kaulinan dimana anu jenten ucing kedah merik sarta nangkap jalmi anu lian. Dina ieu kagiatan, biasana ucing anu dipaenkeun ieu disebat ucing kebeh, hartosna anu tos benang ku ucing, kedah jadi ucing teras mantuan ucing ka hiji nangkapan anu lain anu ngiringan eta kulinanan.
Kagiatan
  • Dina ieu kagiatan barudak teh cingciripit heula sangkan tangtu saha anu janten ucingna. Dina sababarahakali cingciripit akhirna tangtu anu jantan ucingna nyaeta namina teh Septian,
  • Anu teu janten ucing ngajauhan Septa. Teras anu jauh, barudak ngitung tepi ka tilu, pas anu katiluna septa lumpat merik anu lainna.
  • Atos kira-kira 1 menitan, akhirna aya salah sahaji anu beunang nyaeta Asep. Taras anu tadina hese benang, lami-lami janten leuwih babari merikannana.
  • Atos sababaraha kali, akhirna eta kaulinan rengges ku beunangna sadayana.
  • Sabab cape, akhirna eta kagiatan rengges ku ngajajanan eta barudak anu katinggalna atos cape lulumpatan
Jijidaran
Jijidaran nyaeta hiji kaulinan dimana sadayana anu maenkeun eta kagaiatan kedah merik sarta ngaluncatan hiji batas anu biasanamah ku hiji barang anu lempeng, sapertos awi alit. Teras lamun jarak eta tos diliwatan kudayana terus jarakna diatur sangkan ngajauhan. Rengges tepi ka sadayan atos teu tasa ngaluncatan dina jarak anu pang jauhna, anu jarka pangjauhna eta anu menang.
Kagiatan
  • Dina ieu kagiatan barudak kedahnamah hompimpa heula, tapi sabab tos tangtu janten langsung kana acara anu utami nyatea ngaluncatan eta batas.
  • Atos sababraha kali etadi luncatan kagiatan rengsena sanes kapangngih saha anu menangna, tapi rengse ku ayana hujan.
  • Sabab eta 3 istri aya kagiatan ti pramuka, janten eta kaulinan teh hanya nepi ka 6 kali ngatur jarak. Nu jarak dina meterna henteu tiasa ditangtukeun sabab teu gaduh meteran.
Hasilna
Dina dua kaulian, arurang teh janteng terang kumaha resepna permaian eta. Sanes sauukur ulin hungkul, eta permainan oge ngagerakeun anggota badan sangkan arurang sehat. Dina kaulinan eta oge arurang teh kedah ngagunakeun pikiran.

PANUTUP

Dina hasil kagiatan eta, kelompok arurang janteng terang yen mangfaat dina eta permainan eta teh seer pisan. Janten moga-moga seer deui anu ngalaksanakeun deui eta kaulian sangkan eta kaulinan teu leungit.

HATUR NUHUN

Wasalammualaikum Wr.Wb
Please write your comments